Baktéri nyaéta golongan panglobana di antara organisme. Istilah baktéri (bacteria) geus macem-macem dipaké keur sakabéh prokariot atawa lolobana golongannana, atawa disebut ogé eubacteria, gumantung kana pamikiran ngeunaan hubungannana. Di dieu, bacteria digunakeun hususna pikeun nunjuk kana eubacteria. Golongan gedé baktéri séjénna nyaéta Archaea. Studi ngeunaan baktéri disebut baktériologi, bagian tina mikrobiologi.

Baktéri nyaéta mahluk anu kacida lobana di antara sakabéh organisme. Baktéri aya di mana-mana, dina taneuh, cai, jeung mangrupa pasangan simbiosis pikeun mahluk hirup séjénna. Loba patogén anu mangrupa baktéri. lolobanana mibanda ukuran pangpanjangna ukur 0.5-5.0 μm, sanajan baktéri gedé saperti Thiomargarita namibiensis jeung Epulopiscium fishelsoni bisa nambahan ukuran nepi ka 0.5 mm oge. Baktéri umumna miboga dinding sél, saperti tutuwuhan jeung sél fungi, tapi dinding sél baktéri normalna dijieun tina peptidoglycan tur lain sélulose (saperti dina tutuwuhan) atawa sitin (saperti dina fungi), jeung henteu homolog jeung dinding sél eukariotik. Lolobana gerak ngagunakeun flagella, anu béda strukturna dibandingkeun jeung flagella golongan séjén.

Sajarah

édit

Baktéri munggaran ditalungtik ku Anton van Leeuwenhoek dina taun 1674 ngagunakeun mikroskop lensa tunggal hasil rancangan anjeunna sorangan. Ngaran bacterium diwanohkeun ku Ehrenberg dina 1828, diturunkeun tina Basa Yunani βακτηριον nu hartina "tongkat leutik". Sabab susahna ngajelaskeun baktéri individual jeung pentingna pamanggih anjeunna pikeun widang tatamba, biokimia, jeung géokimia, sajarah baktériologi umumna dijelaskeun minangka sajarah mikrobiologi.

Struktur Sél

édit
 
Struktur sél prokariot
 
 Artikel utama: Struktur Sél Baktéri.

Minangka prokariot (organisme tanpa nukleus sél) sakabéh baktéri miboga struktur sél anu sederhana tanpa nukleus sél jeung organél saperti mitokondria jeung kloroplas.

Bacaan salajengna

édit

Tumbu Luar

édit