Wawacan Umarmaya

Unduh sebagai docx, pdf, atau txt
Unduh sebagai docx, pdf, atau txt
Anda di halaman 1dari 4

Wawacan Umarmaya

1. Pupuh Dangdanggula
1. Anu nulis mimiti muji
ka pangéran kang Maha Mulya nu murah ka umat kabeh ka sagala mahluk nu asih dilahir
batin nu masihan sandang pangan muji Kangjeng Rosul nya’eta nabi utusan Kangjeng Nabi
Muhamad kang sinelir utusan Alloh Ta’ala
2. Ari sanggeus muji Kangjeng Nabi
muji deui ka geureuha aisah Khodijah kabeh salamah Maemunah kum jeung ka para sohabat
deui Abu Bakar Umar Usman Warodiallohu juber Abas lan Abdullah bagenda Ali tur sohabat
Kangjeng Nabi sanggeus tamat amujina
3. Waktu nulis deui jisim kuring
paréng sontén pukul genép jamna malam jum’ah kacarios
bulan Muharam nu pasti 25 hijrah nabi rosulluloh sarebu leuwih saratus salapan puluh jeung
opat nu kahartos ngan sakitu kusim kuring pangapunten ka sadaya
4. Kacarios Umar Maya deui
misah tempat makuan Marmaya di karaton tebeh ngalér katelah jaman kapungkur jeung
gerwana Nyi Bastari kocap kaagungan putra damegét dua lalucu jénéngan Ki Umar Sahad
hiji deui Ki Umar Sahid putrana deui Umar Maya
5. Enggalna baé carios ka kawargi
nyi Bastari saréng Umar Maya ibujeng énggalna baé mégat tunda nu dicatur sisigeug Umar
jeung Amir aya deui nu dikocap nagarana jauh lalampahan tilu bulan meuntas laut ti nagara
Mekah deui ngaran nagara Ayaban 26
6. Kakasihna anu Selaweji
ngaran téh Ki patih Wejesi anu nyangking anjeunna téh maharaja seug ngadawuh héh Raden
Selaweji ieu nagara Ayaban rasa kami punjul tapi béja aya deui ngabawah saratus nagri
hamjah ngan nyaho di ngaran
7. Perabu Hamjah saréng Jayeng Pati
nga bawahna ka unggal nusa upetina kenging kabeh kumaha nu matak pamuk sang raja
bendu ngalahir ngadangu patih unjukan kebat raja nyaur he Raden patih Wejesi kula arék
mérih pati paling kantongna jeung pedang
8. Kadé pisan kudu beunang Patih
sabab kula ka Patih percaya mangsa bodo Patih baé kadieu masing kabantun saumpama
Raden Patih geus kacangking kantong pedang Ki Patih digunggung
naon Patih nya kahayang 27 eusi keris kahayang Raden Patih kaula moal ngalarang
9. Upama henteu bisa bukti

kantong pedang kami menta gantina beuheung Patih nyembah téh dipotong raden Patih
nyembah matur nyuhunkeun jiad ti Gusti narohkeun awak sang raja ngadawuh coba Patih
geura mangkat cedok nyembah amit ti panglenggah gusti ganti Pucung patih angkat 2. Pupuh
Pucung 1. Ngabélésat Raden Patih biur ngapung ti payuneun raja Enggeus mungkur ti
karaton perabu lampah geus ngungkulan di lautan 2. Raden Patih mandor sakti guna pamuk
ngawatek ajina basa guna éta gawe besar pisan kagungan aji kombala 3. Basa cong téh
ngaran awak gédé gancanging carita
di jalan teu kacarios 28
lalampahan tilu bulan di jalanna 4. Catur baé patih Wejesi geus cunduk ngungkulan ka
Mekah hibér palebah karaton pukul tujuh patih sumping ka Arab 5. Arék nyirep teu acan tepi
ka waktu teu acan mangsana sabab peuting awal keneh dek nyirep pukul dalapan
6. Sigeug patih kocap éujeung Jayéng Satru

keur mangsa harita sadaya para raja téh sukamanah dipayuneun Kanjeng raja
7. Mancaniti jeung sadaya para ratu

gundeman geus warna nu matak kasemona téh nyarioskeun keur waktu jaman katukang
8. Ngan Marmaya nu teu aya gunem catur

kocap patih téa nyirepna the geus parantos saperti angina ngahiliwir téa 29
9. Pada tiris nu keur pagundem catur

Tunda sirepna Sadaya ngalangkung baé Amir Hamjah geus kulem di katil émas
10. Para raja sadayana pada mundur

kana pakuona nu ngajaga pada saré samalahan kuta pakuon Marmaya


11. Gancang lampah anu maling énggeus lungsur

keur pukul dalapan nu maling énggeus ngaraton alak-ilik ningalian pédang Kam Kam
12. Si maling téh alak-ilik teu katimu

paréng katingalieun méndak kaca anu moncorong manahoreng éta téh cahaya pédang
13. Kalangkangna pédang Kam Kam ngubyur

ku patih dicandak manahna teu nyana baé beh kapendak kalangkang pedang na kaca
14. Seug disambut pédang téh henteu kacabut

puguh kalangkangna mikir jero manah baé


nya pinanggih Amir Hamjah nyimpen pédang 30
15. Leuwih alus raden patih nyasar terus

sarengkeng samiang enggeus kacandak pédang téh pédang galih patih maling geus kaluar 16.
Pédang Kam Kam dianggo solendang ngempur Patih gancang lumpat ka pakuan Marmaya
téh diluncatan ku tapak wuwan Marmaya 17. Muka pintu patih maling gebrus asup mukakeun
kantong Marmaya mah masih saré endong kasang ku patih énggeus dicandak
18. Patih nyaur dina sajeroning kalbu

ayeuna mah beunang cahayaanana kabéh pedang Kam Kam ending kasangna geus beunang
19. Patih maling lumpat ti kalangkan pungkur

biur ngawang-ngawang Marmaya masih saré Patih maling geus mungkus muka sirepn

Anda mungkin juga menyukai