Katus asalna tina basa Yunani nya éta kaktos, artina tutuwuhan anu cucukan. Linneaus, ahli botani anu nyieun klasifikasi tutuwuhan katus asup kana kelompok tutuwuhan anu cucukan atawa Cactaceae. [1] Katus nya éta ngaran tutuwuhan anu ka asup famili Cactaceae.[2]

Katus

Asal Usul

Katus geus tumuwuh sakitar 100 juta taun katukang.[1] Baheulana katus téh miboga bentukna anu jangkung. Satuluyna sakitar 60 juta taun yén aya anggapan katus th punah.[1] Kajadian ieu téh alatan bituna gunung berapi anu neuleumkeun Benua Amerika, anu ilaharna éta katus téh tumuwuh di dinya.[1] Sanggeus vulkanik gunung berapi téh eureun, katus téh tumuwuh deui.[1] Tapi katus anu anyar bentukna jadi pendék. Umumnya, katus ayana di dataran tandus saperti Amérika Selatan jeung Méksiko.[1] Daérah-daérah éta miboga curah hujan anu saeutik kalayan frekuensi anu teu tangtu.[1] Parobahan suhu anu aya jadi ekstrem. Aya ogé pamadegan anu ngébréhkeun yén katus téh asalna ti Amerika Tengah jeung Amérika Selatan, Kanada Utara nepi ka Pulau Galapagos, di Pasifik jeung pulau-pulau tropis di India Timur jeung Karibia.[1]

Jenis Katus

Leuwih ti 200 jenis katus nu aya di alam dunya. Tina 100 marga, katus dikelompokan jadi 3 suku nya Preskioidea, Opuntodeae jeung Cereoidea. Jenis Preskioidea biasana miboga daun jeung aya cucukn. Bentukna saperti tangkal semak nepi ka 10 méter. Sedengkeun karakteristik opuntodeae, kelompok ieu miboga watang anu ngaracabang. Bentukna buleud jiga endog, demprak, panjang saperti semak. Aya ogé anu daunan tapi babari ligar. Opuntodeae miboga areole anu cucukan. Jenis Cereoidea, loba bentuk watangna jeung loba ngandung cai. Sawaréhna aya bentukna silinder, ngaracabang, buleud, panjang. Jenis ieu iboga daun jeung areolena aya cucukan.

Cara Melak Katus

Kahiji katus digaringkeun, dikeueum dina cai haneut tuluy dipelak dina keusik, batu bata anu geus ditutu jeung taneuh kompos. Sanggeus katus umurna sataun jeung panjangna 4-5cm, katus geus bisa dipindahkeun kana pot. Kadua, carana seték watangna, cara ieu saeutik kagagalanana lamun dina melakna loba. Pilih watang katus anu teu pati kolot jeung teu ngira. Keureut ku péso kalayan panjangna 6 cm. antepkeun 7 nepi ka 10 poé di tempat anu tiis sangkan getahna garing. Sanggeus kitu tinggal melak dina media tanam. Kudu diperhatikeun yén jenis katus anu buleud atawa ngaracabang, ngeureuntna kudu pas dina bagian anu ngaracabangna. Urut beulahan nu ti indukna biasana sok jadi deui tunas katus. Katilu , ku cara nyambung katus grafting. Cara ieu miboga kaonjoyan, salain mimitina tina binih anu anyar, grifting ogé nyiptakeun dua jenis tutuwuhan tina dua katus anu béda jadi katus tampilan anu anyar. Mimitina, siapkeun watang induk atawa watang Beulah handap, jenis cereus spachianus atawa opuntia ficus indica bisa dipaké ku saba kuat akarna. Prosés sambung katus kudu téréh saencan urut beulahana jadi agring sangkan téréh némpelna. Loba cara nyambung katus, tapi métode sambung rata jeung sambung serong paling loba dipaké. Prosésna hampir sarua, potong rata atawa sérong watang induk jeung watang tina jenis anu béda.

Mangpaat

  1. Diolah pikeun selai, nu diolahna nya éta buah jeung watang anu ngora kénéh. [2]
  2. Dijadikeun kadaharan nya éta watang anu ngora, dipesék tuluy digoréng, diseupan atawa diolah jadi acar.[2]
  3. Jadi bahan baku kosmétik, obat-obatan jeung pakan ternak.[2]
  4. Bagian akar tina spesies katus bisa diolah jadi permén.[2]
  5. Ditilik tina élmu fengshui, tutuwuhan ieu miboga kakuatan anu sarua jeung mawar, bisa jadi penangkal santet jeung hawa-hawa anu négatip.[2]

catetan

  1. a b c d e f g h Kaktus
  2. a b c d e f Kaktus, Tanaman Penangkal SANTET (Dicutat tanggal 31 Oktober 2011)