Gerakan Pramuka Indonésia: Béda antarrépisi
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: jang → pikeun (18) |
m ngaganti è jadi é |
||
Baris ka-47: | Baris ka-47: | ||
6.'''Kalapa''' nyaéta tangkal anu ''serba guna'' ti mimiti [[akar]] nepi ka [[pucuk]]na<ref name="sumber2" />. Jadi [[lambang]] éta miboga harti unggal pramuka nyaéta manusa anu boga guna, jeung babakti pikeun kapentingan lemah cai, bangsa jeung nagara [[Indonesia]] sarta umat manusa<ref name="sumber2" />. |
6.'''Kalapa''' nyaéta tangkal anu ''serba guna'' ti mimiti [[akar]] nepi ka [[pucuk]]na<ref name="sumber2" />. Jadi [[lambang]] éta miboga harti unggal pramuka nyaéta manusa anu boga guna, jeung babakti pikeun kapentingan lemah cai, bangsa jeung nagara [[Indonesia]] sarta umat manusa<ref name="sumber2" />. |
||
== |
==Pamakéan Lambang== |
||
Lambang gerakan pramuka bisa dipaké dina [[panji]], [[ |
Lambang gerakan pramuka bisa dipaké dina [[panji]], [[bandéra]], [[papan ngaran]] [[kwartir]] jeung satuan, [[tanda pengenal]] administrasi gerakan pramuka<ref name="sumber2" />.Pamakéan éta maksudna salaku alat atikan pikeun nalingakeun jeung ngaronjatkeun kagiatan gerakan pramuka luyu jeung kiasan anu aya dina lambang pramuka éta<ref name="sumber2" />. |
||
==Tingkatan Pramuka== |
==Tingkatan Pramuka== |
||
===Pramuka Siaga=== |
===Pramuka Siaga=== |
Révisi nurutkeun 6 Juni 2022 00.50
Pramuka mangrupa singkatan tina Praja Muda Karana[1] Ari nu disebut kepramukaan nyaéta prosés atikan diluar sakola jeung diluar lingkungan kulawarga dina wangun kagiatan anu ngirut ati,pikabungaheun, séhat, disiplin, puguh udaganana, praktis anu diayakeun di alam luyu jeung Prinsip Dasar kapramukaan jeung Métode Kapramukaan anu tujuan utamana ngawangun watak, ahlak, budi pekerti anu luhung[2].Kapramukaan mangrupa sistem atikan kepanduan anu disaluyukeun jeung kaayaan, kapentingan ogé kamekaran masarakat jeung bangsa Indonésia[2].
Sejarah Pramuka di Dunia
Nu ngamimitian ngadegkeun Pramuka di dunya nyaéta Lord Robert Baden Powell of Gilwell[3]. Anjeunna nu ngamimitian ngabina rumaja di nagara Inggris[3].Pembinaan rumaja ieu anu jadi cikal bakal mekarna gerakan Pramuka. Baden Powell gumelar ka alam dunya ping 22 Pebruari 1857 anu ngaranna Robert Stephenson Smyth[3]. Bapana ngaranna powell saurang Professor Géometry di Universitas Oxford, anu tilar dunya nalika Stephenson leutik kénéh[3].Rupa-rupa pangalaman Baden Powell ditulis dina buku Aids To Scouting anu mangrupa piunjuk pikeun para tangtara muda di Inggris supaya bisa ngalakonan pancénna penyelidik sacara hadé[3]. William Smyth saurang pingpinan Boys Brigade di Inggris ménta supaya Baden Powell ngalatih anggotana luyu jeung pangalamanana[3]. Tuluy disipakeun 21 pamuda ti Boys Brigade di unggal wilayah di Inggris, diajak kémping jeung latihan di pulau Browns Sea nalika ping 25 Juli 1907 anu lilana 8 poé[3]. Nalika Taun 1910 Baden Powell péngsiun tina tangtara anu pangkatna téh Letnan Jenderal[3]. Nalika taun 1912 kawin jeung Ovale St. Clair Soames anu dipaparin tilu urang putra[3].Anjeunna meunang titel Lord ti Raja George,taun 1929 Baden Powell tilar dunya 8 Januari 1941 di Nyeri, Kenya, Afrika[3]. Awal taun 1908 Baden Powell nuliskeun pangalamanana pikeun kagiatan latihan kapramukaan anu dirintisna[3].Kumpulan tulisanana ieu dijadikeun buku anu judulna Scouting For Boys[3]. Buku ieu gancang sumebar di Inggris jeung nagara-nagara séjénna anu satuluyna jadi organisasi kapramukaan nu saméméhna ngan pikeun lalaki hungkul anu disebutna Boys Scout[3]. Taun 1912 dibantuan ku adina, Agnes nyieun organisasi kapramukaan pikeun awéwé anu ngaranna Girl Guides anu satuluyna diteruskeun ku pamajikanana[3]. Taun 1916 ngadeg kelompok pramuka usia siaga anu ngaranna CUB (anak serigala)anu bukuna The Jungle Book karangan Rudyard Kipling salaku cecekelan dina kagiatanana[3]. Buku ieu nyaritakeun ngeunaan Mowgli si anak rimba anu dipiara di reuma ku induk serigala[3]. Taun 1918 anjeunna nyieun Rover Scout pikeun anu umurna 17 taun[3]. Taun 1922 anjeunna nerbitkeun buku Rovering To Success (Mengembara Menuju Bahagia)[3]'.
Taun 1920 diayakeun Jambore Dunya anu mimitina di Olympia Hall,London[3]. Anjeunna ngondang pramuka ti 27 Nagara jeung harita ogé Baden Powell diistrénan jadi Bapa Pandu Sadunya (Chief Scout of The World)[3].
Taun 1924 Jambore II di Ermelunden, Copenhagen, Denmark[3]
Taun 1929 Jambore III di Arrow Park, Birkenhead, Inggris[3]
Taun 1933 Jambore IV di Godollo, Budapest, Hongaria[3]
Taun 1937 Jambore V di Vogelenzang, Blomendaal, Walanda[3]
Taun 1947 Jambore VI di Moisson, Perancis[3]
Taun 1951 Jambore VII di Salz Kamergut, Austria[3]
Taun 1955 Jambore VIII di sutton Park, Sutton Coldfild, Inggris[3]
Taun 1959 Jambore IX di Makiling, Philipina[3]
Taun 1963 Jambore X di Marathon, Yunani[3]
Taun 1967 Jambore XI di Idaho, Amerika Serikat[3]
Taun 1971 Jambore XII di Asagiri, Jepang[3]
Taun 1975 Jambore XIII di Lillehammer, Norwegia[3]
Taun 1979 Jambore XIV di Neishaboor, Iran tapi dibatalkeun[3]
Taun 1983 Jambore XV di Kananaskis, Alberta, Kanada[3]
Taun 1987 Jambore XVI di Cataract Scout Park, Australia[3]
Taun 1991 Jambore XVII di Korea Selatan[3]
Taun 1995 Jambore XVIII di Walanda[3]
Taun 1999 Jambore XIX di Chili, Amerika Selatan[3]
Taun 2003 Jambore XX di Thailand[3]
Taun 1914 anjeunna tulis piunjuk pikeun kursus Pembina Pramuka anu bisa kalaksanakeun nalika taun 1919[3].Ti sobatna W.F. de Bois Maclarren, meunang tanah sapétak di Chingford anu satuluyna dijadikeun tempat atikan pembina pramuka anu dingaranan Gilwell Park[3]. Taun 1920 dijieun Dewan Internasional anu 9 orang anggota jeung Biro Sekretariatnya di London, Inggris[3]. Nalika taun 1958 Biro Kapramukaan sadunya dipindahkeun ti London ka Ottawa Kanada[3]. Tanggal 1 Mei 1968 Biro kapramukaan Sadunya dipindahkeun deui ka Geneva, Swiss[3]. Ti mimiti taun 1920 Pupuhu Biro Kapramukaan Sadunya nyaéta Hebert Martin (Inggris),Kolonel J.S. Nilson (Inggris), Mayjen D.C. Spry (Kanada) anu nalika taun 1965 diganti ku R.T. Lund 1 Mei 1968 diganti deui ku DR. Laszio Nagy salaku Sékjén[3]. Biro Kapramukaan sadunya Lalaki miboga 5 kantor kawasan nyaéta Costa Rica, Mesir, Philipina, Swiss jeung Nigeria[3]. Ari Biro kapramukaan Sadunya Awéwé markasna di London anu jadi 5 kantor kawasan di Eropa, Asia Pasifik, Arab, Afrika jeung Amerika Latin[3].
Lambang
Lambang Gerakan Pramuka nyaéta Tunas Kalapa[4].Lambang gerakan pramuka nyaéta tanda pengenal tetap anu ngswengku cita-cita unggal anggota Pramuka[4].Lambang éta dijieun ku Bapak Soemardjo Asmodipuro, saurang pembina Pramuka anu aktif digawé di lingkungan Departemen Pertanian anu satuluyna dipaké ti mimiti 16 Agustus 1961[4]. Lambang éta ditetepkeun ku Surat Keputusan Kwartir Nasional Gerakan Pramuka No. 06/KN/72 taun 1972[4].
Harti lambang gerakan pramuka:
1. kalapa dina kaayaan jadi disebut Cikal, jeung istilah cikal bakal di Indonesia hartina penduduk asli anu ngamimitian ngawariskeun generasi anyar[4]. Jadi kalapa anu keur tumuwuh téh ngandung harti konotatif yén unggal pramuka mangrupa inti pikeun kalumangsungan hirup Bangsa Indonésia[4].
2.kalapa téh awét dina kaayaan kumaha waé,Jadi lambang éta miboga harti yén unggal anggota pramuka nyaéta jalma anu jasmani jeung rohanina séhat, kuat jeung rajin sarta miboga tékad nu gedé dina nyanghareupan rupa-rupa tantangan dina hirup jeung dina ngambah sagala ujian jeung kasusah pikeun babakti ka lemah cai jeung bangsa Indonesia[4].
3.kalapa bisa jadi di mana waé, anu ngabuktikeun gedéna upaya dina nyaluyukeun diri jeung masarakat di mana manéhna hirup jeung dina kaayaan naon waé[4].
4.kalapa tumuwuhna lempeng ka luhur jeung mangrupa salah sahiji tatangkalan anu pangluhurna di Indonésia[4].Jadi lambang éta ngandung harti yén unggal pramuka miboga cita-cita anu luhur jeung lurus, nyaéta mulya jeung jujur ogé tetep panceg dina galur[4].
5.Akar kalapa mah kuat jeung pageuh dina jero taneuh[4]. Jadi lambang éta ngandung harti tékad jeung kayakinan unggal pramuka anu nyekel pageuh kana dadasar jeung landasan-landasan anu hadé, bener, kuat jeung nyata nyaéta tékad jeung kayakinan anu dipaké ku manéhna pikeun nguatkeun diri pikeun ngahontal cita-citana[4].
6.Kalapa nyaéta tangkal anu serba guna ti mimiti akar nepi ka pucukna[4]. Jadi lambang éta miboga harti unggal pramuka nyaéta manusa anu boga guna, jeung babakti pikeun kapentingan lemah cai, bangsa jeung nagara Indonesia sarta umat manusa[4].
Pamakéan Lambang
Lambang gerakan pramuka bisa dipaké dina panji, bandéra, papan ngaran kwartir jeung satuan, tanda pengenal administrasi gerakan pramuka[4].Pamakéan éta maksudna salaku alat atikan pikeun nalingakeun jeung ngaronjatkeun kagiatan gerakan pramuka luyu jeung kiasan anu aya dina lambang pramuka éta[4].
Tingkatan Pramuka
Pramuka Siaga
Pramuka Siaga nyaéta Golongan Pramuka anu umurna 7 nepi ka 10 taun[5]. Ari kelompok gedé dina siaga disebut Perindukan[5]. Perindukan téh eusina 24 urang Pramuka Siaga[5].Perindukan dibagi jadi satuan leutik anu disebut Barung[5]. Dina sabarung aya 6 urang Pramuka Siaga[5]. Ngawangun Barung anu dilaksanakeun ku para Pramuka Siaga nu dibantuan ku Pembina jeung Pembantu Pembina Pramuka Siaga[5]. Di unggal Barung maké ngaran warna, contona: Barung Beureum, Barung Bodas, Barung Héjo, jeung réa-réa deui[5]. Satuluyna pikeun unggal Barung dibéré tanda ku bandéra luyu jeung ngaran Barungna[5].Kapamingpinan dina Barung Siaga luyu jeung Kaputusan Kwartir Nasional gerakan Pramuka Nomor 231 taun 2007 ngeunaan penyelenggaraan gugus depan Pramuka dipingpin ku saurang Pembina Siaga anu yuswana minimal 21 taun, dibantuan ku tilu urang Pembantu pembina Siaga anu yuswana minimal 16 taun[5].
Kode Kehormatan Pramuka Siaga
Kode kehormatan di tingkat Pramuka Siaga nyaéta Dwi Satya dina wangun jangji jeung wangun moralna dina Dwi Dharma[5]
- Dwi Satya[5]
Demi kehormatanku aku berjanji akan bersungguh-sungguh[5]
- (1)Menjalankan kewajibanku terhadap Tuhan dan Negara Republik Indonesia.[5]
- (2)Setiap hari berbuat kebaikan[5]
- Dwi Dharma
Rupa-Rupa Tanda Kecakapan Pramuka Siaga
Aya tilu rupa tingkatan Pramuka Siaga nyaéta Siaga Mula, Siaga Bantu, jeung Siaga Tata[5].Jang Pramuka Siaga aya tilu rupa Upacara nyaéta Upacara pembukaan Latihan, upacara penutupan Latihan jeung Upacara Pelantikan[5].
Kalengkepan Pramuka Siaga
Anapon kalengkepan Pramuka Siaga nyaéta topi barét warna coklat, tanda topi anu mangrupa tunas kelapa warna konéng ari dadasarna warna héjo daun wangunna pikeun awéwé mah buleud tapi ari pikeun lalaki mah wangunna segi panjang[5].Tanda pelantikanana nyaéta tunas kelapa anu warnana konéng emas anu warna dasarna coklat kolot anu dipasangkeun di dada beulah kénca[5]. Setangan Leher pikeun lalaki nyaéta segitilu anu warnana beureum bodas, bahanna tina kaén anu ngabutuhkeun cingcin supaya leuwih rapih dipasangkeun dihandapeun kerah baju biasa disebut kacu, Ari pikeun awéwé maké pita anu legana 3,5 cm panjangna 40 cm pamakéanana pita disimpul matikeun[5].Baju, Calana jeung erokna warnana sarua coklat ngora kaluhuranana jeung coklat kolot pikeun kahandapanana[5].Sapatu jeung kaos kaki warnana coklat atawa hideung[5].Tanda Barung dipasangkeun dileungeun baju beulah kénca, ari lokasi dipasangkeun dina leungeun baju beulah katuhu[5]. Tanda pangkat Siaga Bantu nyaéta gambar mancung hulu anu warnana bodas tapi dasarna héjo, Lamun tanda pangakat Siaga Tata nyaéta dua tanda anu sarua jeung tanda siaga bantu anu dipasangkeun di leungeun beulah kénca[5].
Pramuka Penggalang
Pramuka Penggalang nyaéta Golongan Pramuka nu yuswana 12-15 taun. Satuluyna kelompok gedé dina Penggalang disebut pasukan Penggalang. Dina pasukan Penggalang aya kelompok-kelompok leutik anu disebut regu Penggalang nu diwangun ku 6 - 8 urang. Ngaran-ngaran regu dicokot tina ngaran sato jeung kekembangan. Ngaran sato pikeun regu putra, ari ngaran kekembangan pikeun ngaran regu putri.
Kode Kehormatan Pramuka Penggalang
Wangun kode kehormatan Pramuka Penggalang nyaéta janji anu ngabungkeuleuk dina Tri Satya jeung Dasa Dharma.
- Tri Satya
Demi Kehormatanku aku berjanji akan bersungguh-sungguh:
- 1. Menjalankan Kewajibanku terhadap Tuhan Yang Maha Esa, Negara Kesatuan republik Indonesia dan mengamalkan Pancasila[5]
- 2. Menolong sesama hidup dan mempersiapkan diri membangun masyarakat[5]
- 3. Menepati Dasa Dharma[5].
- Dasa Dharma
Pramuka itu:
- 1. Takwa kepada Tuhan Yang Maha Esa[5]
- 2. Cinta alam dan kasih sayang sesama manusia[5]
- 3. Patriot yang sopan dan ksatria[5]
- 4. Patuh dan suka bermusyawarah[5]
- 5. Rela menolong dan tabah[5]
- 6. Rajin, terampil dan gembira[5]
- 7. Hemat, cermat dan bersahaja[5]
- 8. Disiplin, berani dan setia[5]
- 9. Bertanggungjawab dan dapat dipercaya[5]
- 10. Suci dalam pikiran, perkataan dan perbuatan[5]
Lawungan Pramuka Penggalang
Jambore
Lawungan Pramuka Penggalang anu dibéré ngaran Jambore dilaksanakeun di tingkat nasional[5]. Tapi bisa ogé diayakeun di tingkat Daerah, Cabang atawa Ranting[5]. Saméméh ngayakeun kagiatan Jambore, perlu ayana rarancang atawa tatahar, pengorganisasian jeung pelaksanaan sacara kompréhénsif[5].
Lomba Tingkat
Lomba tingkat (LT) nyaéta gelanggang Penggalang Putera jeung Penggalang Puteri boh sacara bérégu atawa perorangan [5]. Nomor lomba ngeunaan kasingeran jeung kaparigelan[5]. Tujuan perlombaan éta nyaéta nguji kamampuh penggalang[5]. Anapon rupa-rupa LT nyaéta LT1 anu diayakeun ku gugus depan, LTII anu diayakeun ku Kortan/kwartir ranting, LTIII diayakeun ku Kwartir cabang, LT IV diayakeun ku kwartir Daerah jeung anu pamungkas nyaéta LT V anu diayakeun ku Kwartir Nasional[5].Conto kagiatan LT dumasar kana aspék kamampuh nyaéta kaparigelan jeung kasingeran[5]. Kaparigelan anu dilombakeun nyaéta lomba Peta pita, Peta perjalanan, Semaphore, Morse, kémah, pioneering dasar, Panorama, Sandi, jeung Lomba Masak[5].Ari dina aspék kasingeran nyaéta lomba mendaki tangga,mendaki jeung turun tebing,Sambung tali, meniti kayu bulat.Lian ti dua aspék anu geus disebutkeun tadi aya ogé aspék perlombaan séjén kayaning aspék kasenian atawa olahraga, kaagamaan, jeung kamasarakatan[5].
Tanda Kecakapan Umum
Aya tilu tingkatan Tanda Kecakapan Umum pikeun Penggalang téh nyaéta Ramu, Rakit jeung Terap
Tanda Kecakapan Khusus
Tanda Kecakapan Khusus pikeun Penggalang aya tilu tingkatan nyaéta Purwa, Madya jeung Utama
Pramuka Penegak
Ambalan nyaéta kelompok gedé dina pramuka penegak[5]. Ngaran Ambalan biasanya nyokot tina ngaran sababaraha pahlawan, contona:Ambalan Bung Karno, Ambalan Diponegoro, jrrd[5].Dina Ambalan aya organisasi anu ngawadahan aspirasi penegak anu dingaranan DA(Dewan Ambalan)[5]. Cara kerja dewan ieu nyaéta nyieun kaputusan sacara musyawarah mufakat[5].Dina Ambalan penegak aya pembina[5]. Pembina mangrupa dulur kolot Ambalan Penegak anu kudu dihargaan jeung diajénan[5].Golongan usia pramuka anu kagolong kana Penegak nyaéta 16-20 taun[5].Dina hiji Ambalan aya sababaraha kelompok leutik anu disebut Sangga[5]. Sangga dipingpin ku saurang pamingpin anu dibantuan ku wawakilna[5]. Ngaran-ngaran Sangga dina Pramuka Penegak biasana nyokot tina tahapan kamerdikaan Indonésia, nyaéta:
- 1. Sangga perintis[5]
- 2. Sangga Penegas[5]
- 3. Sangga Pendobrak[5]
- 4. Sangga Pencoba[5]
- 5. Sangga Pelaksana[5]
Tapi salian ti eta, ngaran sangga bisa ogé nyokot tina ngaran sato, kembang, tokoh wayang atawa nu paling sederhana ngaeta ku nomer, jiga Sangga 1 Sangga 2 jrrd. Kode kehormatan Pramuka Penegak sarua jeung kode kehormatan penegak Penggalang nyaéta Tri satya jeung Dasa Dharma[5].
Lawungan Pramuka penegak
- 1.PW (Perkémahan Wirakarya)[5]
PW nyaéta lawungan Pramuka anu diayakeun ku penegak jeung pandéga ti rupa-rupa satuan (Ambalan dan satuan Karya)[5]. Kagiatan ieu ngahijikeun diri sarta ngawangun masarakat anu luyu jeung jangji Tri Satya[5].
- 2.Raimuna [5]
Raimuna nyaéta perkémahan pikeun ngabina jiwa Pramuka Penegak/ Pandéga anu miboga sifat kréatif jeung produktif anu ngawengku unsur edukatif (atikan) ngaliwatan sababaraha kagiatan kawas ieu dihandap:
- 3.Musppanitra[5]
Musppanitra nyaéta dialog musawarah penegak/pandéga putera jeung puteri anu ngabahas masalah-masalah organisasi, kagiatan, program gawé, anggaran jeung sajabana[5]. Aya sababaraha tingkatan ngayakeun Musppanitra nyaéta Musppanitra Nasional, Musppanitra Daérah, jeung Musppanitra Cabang[5].
- 4. Pesta Karya
Pesta Karya nyaéta lawungan spésifik(husus) anu dihadiran ku Penegak/ pandéga anggota Saka (Satuan Karya)[5].Anapon rupa-rupa Pésta Karya nyaéta Pésta Karya Taruna Bumi, Pésta Karya Bhayangkara, Pésta Karya Bahari jeung Pésta Karya Dirgantara[5].
Tingkatan Pramuka Penegak
- a.Penegak Bantara[5]
Syarat asup jadi Penegak Bantara, nyaéta:
syarat asup jadi Penegak Laksana, nyaéta:
Lagu Hymne Pramuka
Kami pramuka Indonesia[6]
manusia Pancasila[6]
Satyaku ku Dharmakan[6]
Dharmaku ku Baktikan[6]
Agar Jaya Indonesia[6]
Indonesia Tanah Airku[6]
Kami jadi Pandumu[6]
Sandi Rusiah di Pramuka
Nalika taun 1823 di Amerika kapanggih Morse[5]. Nu manggihan Morse téh nyaéta Samuel F.B Morse[5]. Hurup ieu dipaké salaku alat komunikasi anu sifatna rusiah[5].
Semaphore nyaéta alat komunikasi dua arah anu wangunna dua bandéra, unggal bandérana aya gagangan[5].Warna anu sering dipaké jadi warna bandéra nyaéta warna beureum atawa konéng[5].
- Rupa-Rupa Sandi
Sandi mangrupa kode rusiah[5]. Kode ieu bisa dipikanyaho ku jalma anu wanoh kana ieu sandi[5].Dina pramuka aya sababaraha rupa sandi di antarana nyaéta:Sandi Angka, Sandi A-N, Sandi A-Z,Sandi Rumput, jeung Sandi Udang[5].
Referensi
- ↑ Pramuka(diakses 2 Desember 2011)
- ↑ a b Pramuka (diakses 2 Desember 2011)
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au Sejarah Awal Mula Pramuka di Dunia(Diakses 9 November 2011)
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p Lambang Gerakan Pramuka(diakses 9 november 2011)
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av aw ax ay az ba bb bc bd be bf bg bh bi bj bk bl bm bn bo bp bq br bs bt bu bv bw bx by bz ca cb cc cd ce cf cg ch ci cj ck [Riyanto, lukys.dkk.[s.a] PEGANGAN LENGKAP GERAKAN PRAMUKA. Surabaya: Terbit Terang]
- ↑ a b c d e f g Lagu Hymne Pramuka (diakses 2 Desember 2011)