Tinju
Tinju nyaéta jenis olahraga nu dipaénkeun ku dua pamilon nu sarua beuratna kalayan maké tinjuan di seri hiji, biasana nepi ka tilu menit nu biasa disebut ronde.[1] Dina divisi Olimpiade jeung profesional, pamilon (disebut petinju) ngajauhan bogem lawan samentara manéhna nyoba ninju lawanna.[2] Nilai bakal dibéré nalika bisa ngabogem lawanna di bagian hareup atawa dina cangkéngna, komo lamun di bagian hulu mah bakal dibéré nilai gédé.[2] Petinju nu meunang nilai panggedéna sanggeus ronde nu ditangtukeun bisa jadi pemenang.[2] Kemenangan ogé bisa dihontal nalika lawan bisa diéléhkeun (atawa KO) jeung teu bisa hudang deui salila sapuluh menit, atawa lamun lawan cedera di tengah-tengah pasanggiri.[2]
Sajarah
[édit | édit sumber]Olahraga tinju mimiti dipikawanoh di Afrika Utara taun 4000 SM sedengkeun di Mediterania taun 1500 SM.[2] Raja Thesus, saurang raja Yunani Kuno nu maréntah nalika taun 900 SM nyebutkeun yén manéhna resep nempo lalaki nu diuk pahareup-hareup sarta patinju-tinju nepi ka di antarana aya nu paéh.[2] Nalika ngalawan, maranéhanana ngeupeulkeun leungeun maké sarung leungeun.[2] Olahraga tinju ditarima di olahraga Olimpiade (Yunani Kuno nyebutna Pygme / Pygmachia) taun 688 SM, para pamilon dilatih maké kantong tinju (disebut korykos).[2] Di Roma kuno, petinju biasana penjahat jeung budak.[2] Ahirna, tinju kasohor nepi ka bangsawan, tapi tindakan ieu dilarang ku Raja Augustus, taun 500, olahraga ieu dilarang ku Theodoric.[2]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |