Muhammad Daffa Nurizqi Xii Ips 3

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 3

MUHAMMAD DAFFA NURIZQI

XII IPS 3

A.Identitas Buku

Judul                             : Laleur BODAS

Pangarang                     : Samsu

Wedalan                        : PT Kiblat Buku Utama Jl. Gumuruh No.38, Bandung 40275

Perancang Jilid              : Deddy Subandi

Ilustrasi Jilid                 : Yusuf Afendi

Citakan                         : Citakan ka-1, Bale Pustaka,1940; Citakan ka-2, 1952; Citakan


ka-3, Yayasan Bakti Haruman, 1992; Citakan ka-4, Girimukti Pasaka, 1992; Citakan ka-5,
Kiblat Buku Utama, 2002; Citakan ka-6, Desember 2009.

Tebel Buku                   : 14,5 x 21 cm.; 188 kaca

Hal                                : 92

B. Kapangarangan

Laleur Bodas teh mangrupakeun carita beunang samsu. Samsu teh lain ngaran au saenyana
tapi sandiasma anu diwangun ku engang mimiti jenengan duajalma anu nyusun eta carita,
nyaeta Sambas jeung Susangka (ayeuna mah H. E Susangka), duanana oge tedak kuningan.

C. Tingkesan

Basri hahadéan jeung Lili. Dina hiji peuting waktu keur nariis di Haur Duni, maranéhna bet
merego Didi nyieun lampah teu uni jeung Sumarni. Didi terus ngunek-ngunek, hayang
nyilakakeun Basri. Basri haben diganggu maké rupa-rupa jalan. Sa¬je¬roning kitu, Basri sok
remen narima surat pondok ti “Laleur Bodas”, tepi ka manéhna remen salamet tina laku
jahat panggawé deungeun. Saha ari “La¬leur Bodas” téh?

“Laleur Bodas téh caritana basajan, henteu pa¬beu¬lit cara ilaharna carita mistéri, tapi
henteu weléh ngahudang kapanasaran anu maracana. Pangarangna tapis pisan dina
ngarasiahkeun saha saenyana “Laleur Bodas” téh”.
D. Tokoh jeung Panokohan

1.Basri            : Tokoh nu utami. Watakna sabar, teu taliti, wanian, nyaah pisan ka nu jadi
kabogoh.

2. Lili              : Istri anu mikacinta ka basri. Watakna sabar,

3. Didi            : Nu jadi tokoh anu jahat. Watakna sombong, adigung, heuras.

4. Ghani          : Anak Buah subita. Nu jadi Laleur Bodas. Watakna hade, bageur, nyaah
kana kahadean.

5. Gapur          : Anak Buah Subita. Watakna Jahat, nurut ka Subita.

6. Subita         : Tokoh jahat. Watakna goreng.


Jeung sajabana.

E. Unsur Carita

1. Alur

Pangenalan. Konflik. Klimaks. Jeung panutup carita.

2. Tema

Carita Detektip atawa Crita Misteri.

3. Katerangan

Tempatna di Kuningan.

F. Kaunggulan jeung kalemahan

Numutkeun simkuring. dina novel ieu aya sababaraha kaunggula jeung kalemahan sapertos
kieu :

1.         Kaunggulan

- Bahasa novelna merenah, gampang dipiharti.

- Caritana matak panasaran jeung pinunjul.


- Caritana pakait rapih, caritana hese ditebak.

- Pangarangna pinter nyamunikeun saha eta laleur bodas.

- Carita cintana rame. Teu kawas carita bobogohan budak ngora nu biasa.

2.    Kalemahan

- Alur caritana teu pati cocok kanggo budak anom. Kusabab caritana nyaritakeun hiji
kulawarga.

- Kalobaan dibeberkeun idetitas laleur bodasna

You might also like