Lompat ke isi

Sajarah Azerbaijan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Istana Shirvanshah di Baku, Azerbaijan.
Sajarah Azerbaijan
Lambang Azerbaijan
Artikel ieu mangrupa bagian ti séri Sajarah Azerbaijan
Prasajarah
2400 SM - 651 SM
Azerbaijan
Kuna
615 SM - 651 M
Kakaisaran Média
Kakaisaran Akéméniyah
Atropatene
Albania Kaukasus
Kakaisaran Parthia
Kakaisaran Sassanid
Abada Patengahan
651 - 1501
Nalukkeun Islam
Dinasti Sajid
Dinasti Sallarid
Dinasti Séljuk
Dinasti Eldiguzid
Dinasti Ilkhanat
Dinasti Chobanid
Dinasti Qara Qoyunlu
Dinasti Aq Qoyunlu
Shirvanshah
Sajarah modern awal
1501 - 1918
Pérsia
Khanat dina Kaukasus
Dinasti Safawiyah
Dinasti Afsharid
Dinasti Zand
Dinasti Qajar
Perang Rusia-Pérsia (1804–1813)
Pajangjian Gulistan
Perang Rusia-Pérsia (1826–1828)
Pajangjian Turkmenchay
Kakaisaran Rusia
Kontémporér
1918 - ayeuna
Républik Démokratik Féderasi Transkaukasus
Républik Démokratik Azerbaijan
Panelasan Tatar–Arménia
Dinten-Dinten Maret
Perang Arménia–Azerbaijan
Républik Sosialis Soviét Azerbaijan
Januari Hideung
Perang Nagorno-Karabakh
Républik Azerbaijan

Portal Azerbaijan
Kotak ieu: temposawalaédit

Sajarah awal panyicing wewengkon nu ayeuna diwanoh minangka Azerbaijan nyaéta bangsa Albania Kaukasia, bangsa anu ngomong basa-basa Kaukasus anu kaluarna ti wewengkon ieu. Sajarahna mah, Azerbaijan geus ditangtayungan ku raloba bangsa, kaasup urang Pérsia, Yunani, Romawi, Arménia, Arab, Turki, Mongol, jeung Rusia.

Karajaan kahiji anu aya dina wewengkon Azerbaijan ayeuna nyaéta Mannae dina abad ka-9 SM, lumangsung nepi ka taun 616 SM basa jadi bagian ti Kakaisaran Média, anu saterasna jadi bagian ti Kakaisaran Pérsia dina taun 549 M. Kasatrapan Atropatene jeung Albania Kaukasia diwangun dina abad ka-4 SM sarta kaasup kirang leuwih wewengkon nagara kabangsaan Azerbaijan jeung bagian kidul ti Dagestan ayeuna.

Islam kasebar gancangna di Azerbaijan mimiluan futuhat dina abad ka-78. Saenggeus pamaréntahan Kakhalifahan Arab ngaleutik, sababaraha nagara semi-merdika geus kabentuk, salah sahijina téh Kasultanan Shirvanshah. Dina abad ka-11, Turki Seljuk nu nalukkeun jadi kakuatan dominan di Azerbaijan jeung neundeun dasar étnis Azerbaijan ayeuna. Dina abad ka-13-14, wewengkon ieu ditarajang ku bangsa Mongol-Tatar.

Azerbaijan téh mangrupa bagian ti Kasultanan Pérsia Safawiyah dina abad ka-1518. Ogé ngalaman waktos singket kapeupeusan bangsawan dina tetengahan abad ka-18 nepi ka mimiti abad ka-19, jeung diwangun kana kakhanan-kakhanan anu merdéka. Nyusul Perang Pérsia-Rusia antara Kasultanan Pérsia Qajar, kawas Ganja, Guba, Baku, jeung kakhanan-kakhanan merdika séjénna, jeung Kakaisaran Rusia, Azerbaijan direbut Rusia liwat Pajangjian Gulistan dina 1813, jeung Pajangjian Turkmenchay dina 1828, jeung sababaraha pajangjian nu leuwih awal antara tsar Rusia jeung para khan tepung ahir dina dasawarsa kahiji abad ka-19. Dina taun 1873, minyak ("emas hideung") dipanggihan di kota Baku, anu engkéna jadi ibu kota Azerbaijan.

Saenggeus labuhna Kakaisaran Rusia dina Perang Dunya I, Azerbaijan bareng Arménia jeung Géorgia jadi bagian ti Républik Fédérasi Démokratik Transkaukasia. Wanci républik éta bubar dina Méi 1918, Azerbaijan ngadéklarasikeun kamerdékaanna minangka Républik Démokratik Azerbaijan. RDA mangrupa nagara républik anu populasina mayoritas Muslim jeung ngan lumangsung 2 taun, ti 1918 nepi ka 1920, saméméh Tentara Beureum narajang Azerbaijan. Dina Maret 1922, Azerbaijan, bareng jeung Arménia jeung Géorgia, jadi bagian RSFS Transkaukasia (RSFST) dina Uni Soviét anu masih kénéh anyar kawangun. Dina 1936, RSFST bubar sarta Azerbaijan teras jadi républik bagian RSUS minangka RSS Azerbaijan.

Dina Perang Dunya II, Jérman Nazi narajang Uni Soviét. Tujuan utama panarajangan Operasi Édelwéiss Adolf Hitler nyaéta ngawasaan ibu kota beunghar minyak Azerbaijan, Baku. Lantaran alesan perang, pagawé minyak Soviét diwajibkeun gawé teteruesan sarta wargi nagarana ngagali parit jeung halangan antitank pikeun nyegah kamungkinan panarajangan musuh. Tapi, Operasi Édelwéiss gagal. Armada Jérman gagal dina pagunungan Kaukasus, manéhna éléh dina Patempuran Stalingrad.

Dina 1990, urang Azeri ngarumpul pikeun mrotés kakawasaan Soviét jeung ménta kamerdékaan. Démonstrasi éta dipareuman ku mimiluanna Soviét dina kajadian anu ayeuna disebat ku urang Azeri minangka Januari Hideung. Tapi dina 1991, Azerbaijan ngadéklarasikeun kamerdékaanna nalika labuhna Uni Soviét. Taun-taun awal kamerdékaanna dialihkeun ku perang ka Arménia jeung gerakan séparatis Arménia dina wewengkon Nagorno-Karabakh. Sanajan aya gencatan pakarang ti 1994, Azerbaijan heuteu ngaréngsékeun konflik jeung Arménia ngeunaan wewengkon anu kalobaannana dieusian ku urang Arménia. Saprak ahir perang, Azerbaijan heunteu boga kawasa deui dina 14% - 16% wewengkonna kaasup Nagorno-Karabakh.[1][2]

Tingali ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Thomas De Waal. Black Garden: Armenia And Azerbaijan Through Peace and War. New York: New York University Press, h. 240. ISBN 0-8147-1945-7
  2. CIA — The World Factbook. Azerbaijan. Archived 2009-06-10 di Wayback Machine

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]