Suuk
Suuk (Kacang Taneuh | |
---|---|
Tangkal Suuk Arachis hypogea | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Subdivisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Subfamili: | |
Tribus: | |
Génus: | |
Spésiés: | Arachis hypogeae L.
Arachis tuberosa Benth. Arachis guaramitica Chod & Hassl. Arachis idiagoi Hochne. Arachis angustifolia (Chod & Hassl) Killip. Arachis villosa Benth. Arachis prostrata Benth. Arachis helodes Mart. Arachis marganata Garden. Arachis namby quarae Hochne. Arachis villoticarpa Hochne. Arachis glabrata Benth. |
Ngaran binomial | |
Arachis hypogaea |
Suuk ngaran beubeutian nu di pelak sikina, sok disebut ogé kacang taneuh;kaasup golongan kadaharan, diasakanana di kulub, disangray, katut cangkangna, di goréng sikina wungkul.[1]
Sajarah
[édit | édit sumber]Suuk (kacang taneuh)mangrupa pepelakan anu asalna ti Amérika Kidul, daérah Brazilia.[2] Penanaman mimiti dipigawé ku urang Indian (suku pituin bangsa Amérika).[2] Di Benua Amérika penanaman ngembang anu dipigawé ku pendatang ti Éropa.[2] Kacang Taneuh ieu mimiti asup ka Indonésia dina mimiti abad ke-17, dibawa ku padagang Cina sarta Portugis.[2] Ngaran séjén ti kacang taneuh nyaéta kacang una, suuk, kacang jebrol, kacang bandung, kacang tuban, kacang kolé, kacang banggala.[2] Basa Inggrisna kacang taneuh nyaéta “peanut” atawa “groundnut”.[2]
Mangpaat Pepelakan
[édit | édit sumber]Di widang industri, dipaké minangka bahan pikeun nyieun keju, mentéga, sabun sarta minyak goréng.[2] Hasil sampingan ti minyak bisa dijieun bungkil (hampas kacang anu geus dipiit/dicokot minyakna) sarta dijieun oncom ngaliwatan ferméntasi suweng.[2] Mangpaat daunna sajaba dijieun sayuran atah atawa dikulub, dipaké ogé minangka bahan pakan ingon-ingon sarta bérak héjo.[2] Minangka bahan pangan sarta kadaharan ingon-ingon anu miboga gizi luhur, kacang taneuh ngandung lemak (40,50%), protein (27%), karbohidrat sarta vitamin (A, B, C, D, E sarta K), ogé ngandung mineral antara séjén Calcium, Chlorida, Ferro, Magnesium, Phospor, Kalium sarta Sulphur.[2]
Séntra penanaman
[édit | édit sumber]Di tingkat Internasional kacang taneuh pangpuseurna di India, Cina, Nigeria, Amérika Sarikat sarta Gombai, saterusna ngalegaan ka nagara séjén.[2] Di Indonésia kacang taneuh pangpuseurna di Pulo Jawa, Sumatra Kalér, Sulawesi sarta kiwari geus dipelak di sakumna Indonésia.[2]