Bismillaahirroh-WPS Office
Bismillaahirroh-WPS Office
Bismillaahirroh-WPS Office
Saba’da na puji sinareng syukur disanggakeun kanu kagungan urang sadaya Alloh SWT. Tamada éstuning
ku kersaning mantena urang tiasa kumpul ngariung bongkok ngaronyok di ieu wewengkon. Mugia
pareng rohmat sareng barokah-Na dipaparinkeun ka urang sadaya. Amin ya robbal ‘alamin.
Salam sinareng sholawat mugia salawasna langgeng ngocor ka jungjunan urang sadaya Nabiyana
Muhammad SAW. Kasadayana kulawargana, para sahabat, kasadayana umatna tug dugi ka urang anu
sami tumut manut kana ajaran mantena, mugia kénging syafaatna engké diyaumil akhir. Amin ya robbal
‘alamin.
Bapak bapak, Ibu ibu, adi-adi sadayana hormateun simkuring, kasadayana warga masyarakat
wewengkon... (sebutkan nama tempat/jika di gedung tidak perlu dipergunakan) ka para sepuh, para
ulama, ustadz sinareng ustadzah, bapak RW katut réngrénganana. Hususna ka shohibul bait kulawarga
Bapak/Ibu...(sebutkan nama orang tua calon pengantin wanita).
Simkuring asmana kulawarga Bapak/Ibu... (sebutkan nama orang tua calon mempelai pria) ti Bandung.
Ngahaturkeun wilujeng patepung lawung paamprok jonghok, patepang raray. Hapunten anu kasuhun
boh bilih dongkapna simkuring saparakanca kirang tata-titi duduga sareng peryogana. Mugia kersa
ngahapunten kana sagala rupi kakirangan sinareng kalepatana.
Sababaraha minggon kapengker simkuring kasumpingan sepuhna calon pangantén pameget, disarengan
sasauran “Wayahna pangjajapkeun pun anak anu wastana... (sebutkan nama calon mempelai pria),
anjeuna badé ngarambah sagara rumah tangga ka urang Cipatat, sakantenan pang nyérénkeun”.
Manah bingah amar wata suta bingah kagiri-giri, kitu panginten sasauran ki Dalang mah. Naha bingah?
kumargi nu kahiji mugia niatna Cép... (Sebutkan nama calon mempelai pria) ngadahup ka Néng...
(Sebutkan nama calon mempelai wanita).
Sing kalebet hiji pameget anu mampuh nyumponan salah sawios kawajiban nyaéta " Hukum wajib nikah
kanu tos mampuh". Kumargi kitu urang du'akeun ku sadayana mugia nikahna Cép... (Sebutkan calon
mempelai pria) ka Néng...(sebutkan calon pengantin wanita).
Sing mampuh ogé dina nyumponan syarat sareng rukun nikahna, sing tiasa ngawangun kulawarga anu
sakinah, mawadah tur warohmah, Amin ya robbal ‘alamin.
Anu kadua bingah alatan nambihan deui kulawargi urang Cipatat (sambil melirik ke keluarga calon
mempelai wanita). Mugia sing pareng kabeungkeut ku tali silaturahim.
✕TUTUP
BERANDA
WEDDING
NYUNDA
HIBURAN
MEDSOS
ISLAMI
BERANDA / WEDDING
http://www.mawarnada.com/
Ini adalah salah satu contoh pidato bahasa Sunda yang pernah digunakan penulis pada saat penyerahan
calon pengatin pria di daerah Cipatat Kab. Bandung Barat.
Yang merupakan pertama kalinya membuat konsep pidato secara tertulis karena biasanya dilakukan
secara spontan.
Dengan tujuan supaya lebih terarah meskipun dalam pelaksanaanya sering keluar dari konsep
(improvisasi dengan gugup/balélol 😂). Keun baé da diajar.
Dan tentunya agar bisa berbagi dengan pembaca yang saat ini sedang mencari Contoh Pidato Bahasa
Sunda terutama dalam hal Nyérénkeun atau Panampian (sérén tampi) calon pengantin.
Saya menyadari bukan ahli pidato, hanya mengandalkan kepercayaan dan keberanian saja (modal nekad
sambil belajar). Apalagi pidato (biantara) sambutan menggunakan bahasa Sunda (meskipun saya sendiri
orang sunda).
Harus betul-betul menguasai undak usuk (etika/aturan, tatakrama bahasa Sunda) yang sudah baku
dipergunakan di tatar Pasundan. Antara lain seperti cara bersikap, intonasi dan memilih bahasa untuk
orang lain atau bahasa untuk usianya di atas kita (saluhureun).
Ini hanya naskah contoh pidato penyerahan calon pengantin pria yang jauh dari sempurna. Silakan
disesuaikan kembali jika diperlukan.
Konsep naskah pidato ini tidak menghabiskan waktu 5 menit. Saya pertimbangkan sudah cukup dari
pada berlama lama bicara kesana kemari sedangkan perut pengiring rombongan pengantin sudah
dangdutan 😁. Karena hal paling utama adalah ijab kobul akad nikah.
Saba’da na puji sinareng syukur disanggakeun kanu kagungan urang sadaya Alloh SWT. Tamada éstuning
ku kersaning mantena urang tiasa kumpul ngariung bongkok ngaronyok di ieu wewengkon. Mugia
pareng rohmat sareng barokah-Na dipaparinkeun ka urang sadaya. Amin ya robbal ‘alamin.
Salam sinareng sholawat mugia salawasna langgeng ngocor ka jungjunan urang sadaya Nabiyana
Muhammad SAW. Kasadayana kulawargana, para sahabat, kasadayana umatna tug dugi ka urang anu
sami tumut manut kana ajaran mantena, mugia kénging syafaatna engké diyaumil akhir. Amin ya robbal
‘alamin.
Bapak bapak, Ibu ibu, adi-adi sadayana hormateun simkuring, kasadayana warga masyarakat
wewengkon... (sebutkan nama tempat/jika di gedung tidak perlu dipergunakan) ka para sepuh, para
ulama, ustadz sinareng ustadzah, bapak RW katut réngrénganana. Hususna ka shohibul bait kulawarga
Bapak/Ibu...(sebutkan nama orang tua calon pengantin wanita).
Simkuring asmana kulawarga Bapak/Ibu... (sebutkan nama orang tua calon mempelai pria) ti Bandung.
Ngahaturkeun wilujeng patepung lawung paamprok jonghok, patepang raray. Hapunten anu kasuhun
boh bilih dongkapna simkuring saparakanca kirang tata-titi duduga sareng peryogana. Mugia kersa
ngahapunten kana sagala rupi kakirangan sinareng kalepatana.
Sababaraha minggon kapengker simkuring kasumpingan sepuhna calon pangantén pameget, disarengan
sasauran “Wayahna pangjajapkeun pun anak anu wastana... (sebutkan nama calon mempelai pria),
anjeuna badé ngarambah sagara rumah tangga ka urang Cipatat, sakantenan pang nyérénkeun”.
Manah bingah amar wata suta bingah kagiri-giri, kitu panginten sasauran ki Dalang mah. Naha bingah?
kumargi nu kahiji mugia niatna Cép... (Sebutkan nama calon mempelai pria) ngadahup ka Néng...
(Sebutkan nama calon mempelai wanita).
Sing kalebet hiji pameget anu mampuh nyumponan salah sawios kawajiban nyaéta " Hukum wajib nikah
kanu tos mampuh". Kumargi kitu urang du'akeun ku sadayana mugia nikahna Cép... (Sebutkan calon
mempelai pria) ka Néng...(sebutkan calon pengantin wanita).
Sing mampuh ogé dina nyumponan syarat sareng rukun nikahna, sing tiasa ngawangun kulawarga anu
sakinah, mawadah tur warohmah, Amin ya robbal ‘alamin.
Anu kadua bingah alatan nambihan deui kulawargi urang Cipatat (sambil melirik ke keluarga calon
mempelai wanita). Mugia sing pareng kabeungkeut ku tali silaturahim.
Anu katilu bingah tiasa sakantenan amengan, kaleresan simkuring saparakanca kalebet Grup OKP,
maksadna “Orang Kurang Piknik”, janten sakantenan amengan 😀 .
Mung aya hanjakalna nyaéta sepuhna miwarangna nganggo basa "Wayahna". Janten naha teu aya deui
ahlina anu tiasa dipiwarang nyérénkeun?.
Margi hapunten simkuring sanés santri anu pinter ngaji, sanés pujangga anu biasa ngaréka basa. Mung
sakieu buktosna hapunten anu kasuhun.
Kumargi mandat amanah parantos dipasihkeun ku sepuhna calon pangantén pameget. Ayeuna
simkuring badé ngaguar hal anu utami nyaéta badé ngadugikeun pamaksadanana nyérénkeun ku cara
6M :
M kahiji, mangga nyanggakeun calon pangantén pameget anu wastana Cép (Sebutkan nama calon
mempelai pria) kanggo ngalakasanakeun ijab kobul akad nikah. Di luhur sausap rambut di handap
sahibas dampal, éstuning nyanggakeun sabeuleugeunjeurna.
M ka dua, mangga nyanggakeun cacandakanana. Sanaos mung saukur barang sapira, mugia sing janten
bukti pamatri ati, nyampurnakeun deudeul du’a ti sepuh ogé ti sadayana wargina. Mugia janten
panambih kabingah ogé hatur lumayan.
M ka tilu, mung sakitu anu kapihatur. Hapunten anu kasuhun mugia ti kawit dugi ka ahir simkuring
cumarios, urang sami waspaos sareng mugia sapagodos ngarah énggal permios.
M ka opat, mangga simkuring badé nyanggakeun ieu mikrophone ka panata acara.
M ka lima, mangga atuh urang taruang. Éh lepat maksad téh mangga simkuring badé calik deui, sigana
engké taruang mah saréngséna panampian nya :D ?
M ka genep, Mung sakitu anu kapihatur, ogé hapunten anu kasuhun bilih aya basa kirang merenah kana
manah. Bilih kasiku catur, katajong omong, karumpak carita, tawakuf anu diseja.
Baarakallaahu laka, wa baaraka 'alaika, wa jama'a baynakumaa fii khair. Rabbana atina fid-dunya
hasanatan wa fil 'akhirati hasanatan waqina 'adhaban-nar. Wallahul muwaafiq ilaa aqwamit thariq.